• loading...
Tampilkan postingan dengan label Khutbah. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Khutbah. Tampilkan semua postingan

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda 1439 H


- Tidak ada komentar
-
KHUTBAH IDUL FITHRI 1439 H.
Oleh ; KH. Asep Muhammad Tohir Soleh

اَللهُ أَكْبَرْ، ٩X لَّا ِإلٰهَ إِلَّا اللهُ وَاللهُ أَكْبَرْ، اَللهُ أَكْبَرْ وَلِلّٰهِ الْحَمْدُ.
اَلْحَمْدُ لِلهِ الَّذِيْ سَهَّلَ لِعِبَادِهِ طُرُقَ الْعِبَادَةِ وَيَسَّرْ، لَهُ الْحَمْدُ عَلٰى نِعَمِهِ الَّتِيْ لَا تُعَدُّ وَلَا تُحْصَرْ، وَلَهُ الْفَضْلُ عَلٰى ِإحْسَانِهِ وَحَقَّ لَهُ أَنْ يُشْكَرْ، أَشْهَدُ أَنْ لَّا ِإلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةَ مَنْ آٰمَنَ وَأَسْلَمَ وَاسْتَمَرّْ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ أَفْضَلُ مَنْ صَلّٰى وَصَامَ وَتَهَجَّدَ وَاسْتَغْفَرْ، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ فِي الْأَوَّلِينْ ، وَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ فِي الْآٰخِرِينْ، وَ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ فِي كُلِّ وَقْتٍ وَحِينْ، وَعَلٰى آٰلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِينْ، أَمَّا بَعْدُ: فَيَا عِبَادَ اللهْ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُونْ.
أَعُوذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيم ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيمْ، ﴿ فَمَنْ يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ خَيْرًا يَرَهُ * وَمَنْ يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ شَرًّا يَرَهُ  ﴾
Alloh Maha Agung, Alloh Maha Agung, Alloh Maha Agung.
Sadaya puji kagungan anjeuna, teu aya deui Pangeran nu hak di ibadahan anging Alloh nu nyiptakeun urang sadaya kalayan sehat wal afiat, waras badan, waras pikiran, tiasa namatkeun saum dina bulan Romadlon taun ieu, tiasa taraweh unggal wengi, tiasa witir tiasa maos Qur’an, aya nu dugika khotam sababaraha kali. Sholawat miwah salam mugia salamina di lungsurkeun ka Nabi urang sadaya, Nabi anu mulya, Habibana wa Nabiyyana Muhammad Shollallohu ‘alaihi wasallam, miwah ka para kulawargi sareng para Shohabat sadayana, Amiin.
Hadirin Kaom Muslimin Rohimakumulloh
Alhamdulillah dinten ieu dinten Lebaran Idul Fitri 1438 H, urang sadaya suka bungah, gumbira rasa guligah, kalayan kabungah nu berdasarkan sunnah, bungah bari mawa ibadah, margi dawuh Kangjeng Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wasallam:
((لِلصَّائِمِ فَرْحَتَانِ: فَرْحَةٌ عِنْدَ فِطْرِهِ، وَفَرْحَةٌ عِنْدَ لِقَاءِ رَبِّهِ))
“Jalma nu puasa meunang dua kabungah, kahiji bungah dina waktu buka, bungah dina waktu lebaran, kadua kabungah nu luar biasa engke di akherat dina waktu tepang sareng Rido Alloh Robbul ‘Alamin”.
Kabungah dina waktu lebet ka surga, anu pantona khusus pikeun nu puasa, jalma nu teu puasa mah moal bisa asup liwat eta panto, sakumaha pidawuhna:
إِنَّ فِي الجَنَّةِ بَابًا يُقَالُ لَهُ الرَّيَّانُ، يَدْخُلُ مِنْهُ الصَّائِمُونَ يَوْمَ القِيَامَةِ، لاَ يَدْخُلُ مِنْهُ أَحَدٌ غَيْرُهُمْ، يُقَالُ: أَيْنَ الصَّائِمُونَ؟ فَيَقُومُونَ لاَ يَدْخُلُ مِنْهُ أَحَدٌ غَيْرُهُمْ، فَإِذَا دَخَلُوا أُغْلِقَ فَلَمْ يَدْخُلْ مِنْهُ أَحَدٌ.
“Di Surga aya pintu nu disebut Bab Ar Royyan, lawang khusus pikeun nu puasa bulan Romadlon, nu sejen moal bisa asup, malah dimana jalma-jalma nu sok paruasa geus arasup kabeh, eta pintu ditutup ditulakan, moal aya deui nu bisa liwat saurang oge” (HR. Al Bukhory7)
Hadirin sidang ‘Iedul Fithri, anu sadaya ahli ibadah, ahli saum, ahli taraweh, dina sasih romadlon ayeuna seueur nu janten ahli tahajud, seueur nu janten ahli maos Quran, seueur nu janten garetol ibadah, mugi-mugi dina sasih sawal sareng sasih kapayun tiasa istiqomah dina ieu amal sae, tiasa istiqomah nyeueurkeun amal ibadah. Amin Ya Robbal ‘Alamin.
Jalmi nu sholeh, cirina teu wareg-wareg ibadah, taqwa tiap waktu, unggal waktos bebekelan ku amal soleh, kanggo kahirupan anu langgeng, kanggo meraih rido Robbul Izzati, utamina urang sadaya kedah nambahan kataqwaan, nambahan amal ibadah.
﴿ وَتَزَوَّدُوا فَإِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوَى وَاتَّقُونِ يَا أُولِي الْأَلْبَابِ ﴾ [البقرة: 197].
 “Aranjeun kudu bebekelan pikeun akherat, jeung ari bekel nu panghadena eta Taqwa, maka kudu taraqwa aranjeun he Jalma-jalma anu baroga akal”
Gunakeun umur urang sadaya pikeun ibadah ka Alloh, ulah dimomorekeun, sabab ajal ngadodoho, teu aya nu terang sabaraha taun urang rek cicing di dunya ieu?, teu aya nu terang kana waktu pi maoteun, ku hal eta geura lobakeun amal, meungpeung ngora memeh rarempo, da geus kolot mah sujud ge hese, ruku’ nyareri, diuk ge teu bisa lila, sok geura, meungpeung sehat memeh gering, da geus gering mah teu majar maneh, meungpeung boga memeh miskin, ulah ngadagoan bangkrut, ulah ngadagoan cilaka, geuwat ibadah, amal hade meungpeung keur sagala boga, di engke-engke matak hanjakal. Meungpeung ku Alloh dipasihan keneh kasempatan pikeun ibadah, meungpeun aman, meungpeun situasi kondusif, meungpeung pamarentah ngalindungi rahayatna, meungpeung loba waktu memeh sibuk jeung pakewuh ku situasi atawa bencana alam, na’udzu billah.
Dipasihan hirup, dihirupkeun ku Alloh, bari jagjag waringkas, bari kuat bari bisa, geuwat bersyukur, geuwat laksanakeun parentah Alloh, jauhan nu di haramkeunana, bisa keneh ngajalankeun nu halal, bisa keneh make barang nu halal, bisa keneh hirup jujur, bisa keneh ngajaga diri tina ma’siat, bisa keneh amar ma’ruf nahyil mungkar, bisa keneh da’wah ngajak batur kana hade, bisa keneh nyarek batur tina dosa, bisa keneh ibadah lawan sampurna, kumargi kitu anggo ieu kasempetan pikeun nyeueurkeun amal, pikeun taqwa nu saestuna taqwa.
إِتَّــقِ اللهَ حَيْثُـمَا كُـنْتَ
Saur Kangjeng Rosul: “Aranjeun kudu Taqwa, keur dimana wae jeung keur kumaha wae”
Agama kudu dipake dina sagala aktifitas, ulah aya kalakuan nu kaluar tina pedoman Al Quran jeung Al Hadits, dina perdagangan jeung perniagaan aya aturan Mu’amalah, dina Pertanian aya aturan Muzaro’ah, dina Menejmen perkantoran aya Akhlakul Karimah, aya Bab Ijaroh perburuhan jeung persewaan, dina kapamarentahan oge aya Bab Jinayah, dina politik aya Fiqih Siyasah, intina kudu nangtungkeun hukum-hukum Alloh nu bisa adil pikeun sakabeh rahayat, aya Qur’an-na aya Hadits-na. malah katut cara asup ka Masjid, asup ka WC, asup ka Pasar, aya tungtunan ti Rosulna, tegesna sakabeh kalakuan kudu menepati “Shirotol Mustaqim” jalan nu lempeng mungguh Alloh jeung Rosul. Jalan nu di dasari ku Al Qur’an jeung Al Hadits.
Numawi urang sadaya ngadu’a ka Alloh tiap dinten tiap wengi dina surat Al Fatihah, teu kirang ti 17x dina sholat Fardu, nu eusina nyuhunkeun sangkan ti mimiti hudang subuh dugi ka kulem deui wengina, salamina aya dina Shirotol Mustaqim, aya di papagon Agama Islam, aya dina aturan Alloh jeung Rosul, teu aya hiji kiceup, ucap, lengkah, kalakuan kumaha bae, kajaba disejakeun pikeun ibadah ka Alloh Robbul ‘Alamin. Seja Taqwa ngalaksankeun parentahna jeung ngajauhan panglarangna.
Diantara amal nu jiga teu pira, tapi ganjarana ageung pisan, nyaeta idkholussurur, ngabungahkeun hate papada urang. Kangjeng Rosul ngadawuh:
مَنْ نَفَّسَ عَنْ مُؤْمِنٍ كُرْبَةً مِنْ كُرَبِ الدُّنْيَا، نَفَّسَ اللهُ عَنْهُ كُرْبَةً مِنْ كُرَبِ يَوْمِ الْقِيَامَةِ، وَمَنْ يَسَّرَ عَلَى مُعْسِرٍ، يَسَّرَ اللهُ عَلَيْهِ فِي الدُّنْيَا وَالْآخِرَةِ، وَمَنْ سَتَرَ مُسْلِمًا، سَتَرَهُ اللهُ فِي الدُّنْيَا وَالْآخِرَةِ، وَاللهُ فِي عَوْنِ الْعَبْدِ مَا كَانَ الْعَبْدُ فِي عَوْنِ أَخِيهِ.
“Saha jalma anu ngalenglangkeun kabingung jalma mu’min di dunya, maka Alloh bakal ngaleungitkeun kabingung manehna di poe Qiyamah. Saha jalma nu mere kagampangan ka jalma nu keur aya dina kasulitan, maka Alloh mere kagampangan ka manehna di dunya jeung di akherat. Saha jalma nu nutupan kawirang jalma Muslim, maka ku Alloh ditutupan kawirang manehna di dunya jeung di akherat. Jeung Alloh pasti bakal nulungan hambana salagi manehna nulungan dulurna” (HR. Imam Muslim)
Ieu Hadits netelakeun yen ngabantu dulur-dulur, tatangga, atawa saha bae nu Mu’min rek wawuh atawa teu wawuh, ditulungan kabingungna, di gampangkeun kasulitanana, bisi teu manggih dahar, bisi teu bisa iuran di sakola, tertekan ku nu dolim, diancam ku papada jalma, maka geuwat tulungan, ulah itungan ulah balitungan, sabab Alloh masihan ganjaran nu taya hinggana, nyaeta dilenglangkeun kabingung dunya jeung akherat. Di Akherat nu teu aya pamuntangan, teu aya geusan batur pakumaha, tapi eta jalma di rawu dipangku dina rohmatna Alloh.
Kitu deui jalma nu nutupan kawirang dulurna, ulah kalahka milu ngera-ngera, kasalahan batur nu teu pira kalahka di beja-beja, di medsos dina FB dina WA, nu kuduna di tutupan kalah apaleun sarerea, jadi kawirang, kabuka orat, jadi dipikakeuheul ku sarerea. Na’udzu Billah.
Padahal nu nutupan kawirang batur, ku Alloh bakal di tutupan kawirang manehna di dunya jg di akherat. Ieu kasauran Kangjeng Rosul wajib diperhatikeun, wajib di amalkeun, ulah disapirakeun, ulah dimomorekeun.
Kade tatangga, ari tatangga teh nyaeta 40 imah ka kulon, 40 imah ka wetan, 40 imah ka kaler, jeung 40 imah ka kidul, eta tatangga deukeut nu wajib silih perhatikeun, di wasiatkeun ku Malaikat Jibril ka Kangjeng Rosul, kade tatangga, kade tatangga.
Oge kade dulur-dulur, baraya nu sa-nini sa-aki, eta dulur deukeut wajib milu tanggung jawab dina nafakahna, wajib merhatikeun kahirupana, utamana dina ngajalankeun agamana.
Oge saterasna dina eta Hadits, “Saha jalma nu sok tutulung kanu butuh, tatalang kanu susah, maka salawasna aya dina pitulung Alloh”
وَاللهُ فِي عَوْنِ الْعَبْدِ مَا كَانَ الْعَبْدُ فِي عَوْنِ أَخِيهِ
Sing boga rasa peduli ka batur, silih pikanyaah, silih asah silih asuh silih asih, tur silih wangian, ulah kalah di bau-an, tapi kudu silih wangian, silih seungitan, silih aluskeun, sangkan terjalin ukhuwwah Islamiyyah, ukhuwwah watoniyyah, ukhuwwah insaniyyah. Sa Agama, sa Nagara, Sasama manusa ciptaan Alloh.
Beda saeutik dina prak-prakan ibadah, beda saeutik dina pakean, beda saeutik dina pemahaman, ulah nimbulkeun perpecahan. NKRI harga mati, saling menghormati, ulah asa bener sorangan, tapi bener mah aya padomanna dina Quran jeung dina Hadits, kembalikan semua persoalan kana Quran jeung Hadits, suhunkeun Fatwa para Ulama, tingali aturan pamarentah, mudah-mudahan sadayana dipasihan katengtreman, ka-adilan, repeh rapih, gemah ripah loh jinawi, tiis ceuli herang mata, jongjon ibadah, khusyu nyembah Alloh, sadayana kenging barokah Romadlon, Barokah Lailatul Qodar, Barokah Idul Fitri, Barokah Silaturahmi, Wilujeng boboran Siam, Selamat Hari Raya. Wal ‘Afwu Mingkum.

بارك الله لى ولكم فى الآيَاتِ والذِّكْرِ الحكِيم وتَقَبَّلَ منِى ومنْكُم اِنَّه جَوَادٌ كَرِيمْ
KHUTBAH KA 2
اَللهُ أَكْــبَــرْ ، ٧X   لَّا  إِلٰــهَ  إِلَّا اللهُ  وَ اللهُ  أَكْــبَـرْ،   اَللهُ  أَكْـــبَرْ  وَلِلّٰهِ  الْــحَـمْــدُ.                اَلْحَمْدُ لِلهِ عَلَى إِحْسَانِهْ، وَالشُّكْرُ لَهُ عَلَى تَوْفِيْقِهِ وَامْتِنَانِهْ، أَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ تَعْظِيْمًا لِشَأْنِهْ، وَأَشْهَدُ أنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِيْ إِلَى رِضْوَانِهْ، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آٰلِهِ وَصَحَابَتِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا.  أمَّا بعدُ: فَيَا عِبَادَ اللهْ: اِتَّقُوا اللهَ تَعَالَى وَلَا تَمُوْتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُّسْلِمُونْ، وَاعْتَصِمُوا بِحَبْلِ اللهِ جَمِيْعًا وَّلَا تَفَرَّقُوْا، وَتَمَسَّكُوْا بِكِتَابِ رَبِّكُمْ، وَالْزَمُوا جَمَاعَةَ الْمُسْلِمِينْ، فَإِنَّ يَدَ اللهِ مَعَ جَمَاعَةِ الْمُسْلِمِينْ، وَمَنْ شَذَّ عَنْهُمْ شَذَّ فِي النَّارْ.  ثُمَّ اعْلَمُوا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَّدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهْ؛ فَقَالَ إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلٰى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ، اَلْبَشِيْرِ النَّذِيْر، وَارْضَ اللّٰهُمَّ عَنِ الْأَرْبَعَةِ الْخُلَفَاءِ الرَّاشِدِينْ أَبِي بَكْرٍ وَعُمَرَ وَعُثْمَانَ وَعَلِيٍّ، وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَعَنِ التَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلٰى يَوْمِ الدِّينْ، وَعنَّا مَعَهُمْ بِعَفْوِكَ وَكَرَمِكَ ياَ أَرْحَمَ الرَّاحِمِينْ.  اَللّٰهُمَّ أَعِزَّ الْإِسْلاَمَ وَالْمُسْلِمِينْ، وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَالْمُشْرِكِينْ، وَدَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّينْ، وَانْصُرْ عِبَادَك َالْمُوَحِّدِينْ. اَللّٰهُمَّ انْصُرِ الْمُجَاهِدِيْنَ الَّذيِنَ يُقَاتِلُوْنَ لِتَكُوْنَ كَلِمَةَ اللهِ هِيَ العُلْيَا. اَللّٰهُمَّ انصُرهم في كل مكان. اَللّٰهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْغَلاَء وَالرِّيَاءَ، وَالرِّبَا وَالزِّنَا وَالزَّلَازِلَ وَالْمِحَنَ وَسُوْءَ الْفِتَنِ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنْ، عَنْ بَلَدِنَا هٰذَا خَاصَّةً، وَعَنْ سَائِرِ بلِاَدِ الْمُسْلِمِينْ عَامَّةً يَا رَبَّ الْعَالَمِينْ. اَللّٰهُمَّ آٰمِنَّا فِيْ أَوْطاَنِنَا، وَأَصْلِحْ وَاحْفَظْ وُلَاةَ أُمُوْرِنَا. اَللّٰهُمَّ وَفِّقْهُمْ لِمَا فِيْهِ عِزُّ دِيْنِكَ وَنَصْرُ أُمَّةِ الْإِسْلاَمْ. اَللّٰهُمَّ ارْزُقْهُمُ الْبِطَانَةَ الصَّالِحَةَ لِدِيْنِهَا وَأُمَّتِهَا، وَأَبْعِدْ عَنْهُمْ بِطَانَةَ السُّوْءِ يَا حَيُّ يَا قَيُّومْ. رَبَّنَا لَا تُزِغْ قُلُوبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً إِنَّكَ أَنْتَ الْوَهَّابُ رَبَّنَا لَا تُؤَاخِذْنَا إِنْ نَسِينَا أَوْ أَخْطَأْنَا رَبَّنَا وَلَا تَحْمِلْ عَلَيْنَا إِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهُ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِنَا رَبَّنَا وَلَا تُحَمِّلْنَا مَا لَا طَاقَةَ لَنَا بِهِ وَاعْفُ عَنَّا وَاغْفِرْ لَنَا وَارْحَمْنَا أَنْتَ مَوْلَانَا فَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ .
عباد الله: أنَّ الله يأمُر بالعدل والإحسان وإيتاء ذي القُربى، وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغْي، يعظُكم لعلَّكم تذكَّرون، واذكُروا الله العظيم يذكُركم، واشكُروه على نِعَمِه يزدْكم، ولَذِكرُ الله أكبر، والله يعلَمُ ما تصنَعون